Wilujeung Siang,
Dina waktos iyeu simkuring bade ngadamel wacana nu ngagunakeun basa sunda. Nembe ngadamel sakecap simkuring tos ngalamun kanggo ngarangkai kecap nu sanesna. Geuning diaos-raos mah ngadamel wacana dina basa sunda leuwih sesah tibatan ngadamel wacana nganggo basa inggris *nepuk taar* hahahaha...... Tapi simkuring moal waka taluk, pokona kudu bisa! Sumanget!
Dina kasempetan iyeu simkuring bade ngajentrekeun salah sahiji budaya Sunda khususnya budaya Cianjur nyaeta produk khas Batik Cianjur. Acan sadaya masarakat apal dina hal ayana Batik Cianjur, kusabab masarakat ayeuna tos biasa "tersugesti" upami batik teh ti Jogja, Jawa Tengah, jeung nuliana nu tos koncara. Upamina Batik Pekalongan, Batik Solo, Batik Megamendung, Batik Lasem, dll.
Nu janten khas dina motif batik Cianjur nyaeta ngajentrekeun budaya atanapi ciri khas masarakat Cianjur. Budaya nu kasohor ti Cianjur nyaeta beas pandan wangi nu ngajantenkeun ayana motif 'beasan' nu tos didaftarkeun ka lembaga paten.
 |
"Beasan" by Google |
Motif hayam pelung oge janten ciri khas cianjur. Hayam pelung tos koncara kamana-mana. Kongkorongokna hayam pelung nu merdu kabina-bina dijantenkeun perkawis nudijantenkeun penilaian dina lomba-lomba nu sok diselenggarakeun ku komunitas nu mikareusep hayam pelung.
 |
"Hayam Pelung" by Google |
Motif liana nu janten ciri khas nyaeta kesenian kacapi suling nu sok disarengan kupanampilan ngawih 'cianjuran' (kakawihan khas cianjur).
 |
"Kacapi Suling" by Google |
Motof pencak silat ngadumasar kana budaya di daerah Cikalong, Cimande, Sabandar.
 |
"Maenpo-Pencak Silat" by Google
|
Motif 'ragan panganten' alat musik sapertos gendang.
 |
"Ragan Panganten" by Google |
Sumber :
Hatur nuhun...
nah loh,..
BalasHapusselamat men'translet :P
Hapus